:

2 Babad 26

1

Geus kitu urang Yuda milih Usia, putra Amasia anu yuswa genep welas taun, dijenengkeun raja ngagentos ramana.

2

(Sanggeus Amasia ramana pupus, Usia ngarebut deui kota Elat sarta diomean.)

3

Usia mimiti jumeneng raja dina yuswa genep welas taun, ngarajaanana lima puluh dua taun, calikna di Yerusalem. Jenengan ibuna Yekolya urang Yerusalem.

4

Lampahna kawas lampah ramana, sapagodos jeung manah PANGERAN.

5

Sapanjang aya keneh Jakaria, jurunasehatna anu ibadah, anjeunna ngabdi ka PANGERAN kalawan suhud, sarta ku Allah diberkahan.

6

Hiji mangsa Usia angkat merangan urang Pelisti. Kota Gat, Yamnia jeung Asdod, kuta-kutana dirugrugkeun, tuluy ngadegkeun kota-kota anu dibenteng deukeut Asdod jeung di wewengkon lianna di Pelisti.

7

Anjeunna ku Allah dibantu ngelehkeun urang Pelisti, urang Arab anu caricing di Gur Baal, jeung urang Mehunim.

8

Urang Amon malayar upeti ka Usia. Kakawasaanana beuki nambahan, kamashuranana kauar-uar nepi ka Mesir.

9

Benteng-benteng Yerusalem ku anjeunna ditohagaan, di luhur Gapura Juru jeung Gapura Lebak kitu deui dina pepengkolanana diberean munara.

10

Di pategalan-pategalan oge ngadamelan munara jeung ngali sumur-sumur, kawantu loba pisan ingon-ingonna, boh di padataran luhur, boh di padataran handap di beulah kulon. Jeung ku sabab resepeun kana tatanen, anjeunna ngahatean rahayatna sina ngarebon anggur di pagunungan-pagunungan jeung marelakan tanah-tanah anu lendo.

11

Anjeunna kagungan balad gede anu siap maju jurit. Catetanana dicekel ku dua sekretaris anjeunna, Yiel jeung Maaseya, anu dikapalaan ku Hananya pangbantu raja.

12

Eta balad dicangking ku 2.600 perwira.

13

Prajuritna aya 307.000 urang anu palinter perang ngabela raja ti musuh-musuhna.

14

Ku Usia dipakarangan ku kepeng, tumbak, balakutak, baju kere, gondewa jeung jamparingna, jeung bandring.

15

Tukang-tukang cipta di Yerusalem dipiwarang nyieunan pakarang paranti mesat-mesatkeun jamparing, jeung paranti ngaguling-gulingkeun batu anu galede ti luhur munara jeung ti pepengkolan-pepengkolan kuta. Jenengan anjeunna kautarakeun ka mana mendi, kawasana liwat saking, sabab anjeunna kenging bantuan ti Allah.

16

Tapi sanggeusna jadi tohaga, Raja Usia jadi takabur, ngalantarankeun anjeunna cilaka. Anjeunna midamel peta anu ngalawan ka PANGERAN Allahna, nya eta lebet ka Bait Allah seja ngukus ku anjeun dina altar.

17

Ku Imam Asarya disusul jeung dalapan puluh imam anu garagah,

18

rek dicegah. Saur aranjeunna, "Usia! Anjeun teu aya hak ngukus ka PANGERAN. Anu wenang ngan anu geus dibakukeun kana ngukus, nya eta imam-imam turunan Harun anu geus disucikeun. Gancang tinggalkeun ieu tempat anu suci. Anjeun geus nangtang ka GUSTI Allah. Anjeun moal meunang deui berkah-Na."

19

Usia geus ngadeg deukeut altar pangukusan di eta Bait Allah, geus nyepeng parukuyan. Anjeunna jadi bendu ka imam-imam. Dadak sakala harita keneh anjeunna katerap ku lepra dina taarna.

20

Asarya jeung imam-imam sejenna mencrong kana taar raja mani harookeun, tuluy maksa ngaluarkeun raja ti dinya. Raja gentak ka luar lantaran geus digebug ku PANGERAN.

21

Ti semet harita Raja Usia tetep najis ku tina kasawatna. Teu meunang lebet deui ka Bait Allah, nyingkur bae di bumina, misah, leupas tina sagala damel. Urusan nagara dipasrahkeun ka Yotam, putrana.

22

Sagala rupa ihtiar anjeunna sapanjang jumeneng raja diserat ku Nabi Yesaya putra Amos.

23

Sanggeus pupus, dikurebkeun di lahan makam karajaan, tapi lain di makam paranti raja-raja, da lepra tea. Yotam, putrana, jumeneng raja ngagentos anjeunna.

Link: